Nyaritakeun Pangalaman Sorangan
Nyaritakeun pangalaman teh nyaeta nyaritakeun naon-naon anu kaalaman ku urang. Nu dicaritakeun teh teu matok kana hiji hal jadi bisa naon wae rupa na asal tos kaalaman. Pangalaman anu di caritakeun biasana kabungah, kasedih, kaseurieun sareng deui nu sanesna. Tangtu tiap jalmi benten-benten dina nyaritakeun pangalamana. aya sawatara hal anu kudu di perhatikeun sangkan pangalaman anu dicaritakeun di pikareusep, nyaeta:
- Milih jejer (sumber caritaan): dina nyaritakeun pangalaman urang kedah tiasa milih jejerna. biasana milih jejer ge osok sesah. sangkan babari urang emut-emut deui kajadian anu emut pisan sarta rame upami di caritakeun deui.
- Nyusun parelean kajadian: maksadna urang susun kajadian nu bade di caritakeun teh sangkan alus runtuyan kajadiana, mana heula nu kedah di caritakeun ti payun jeung mana nu di tukang.
- Nepikeun pangalaman: dina nepikeun pangalaman urang kedah dumasar kana rangkay karangan anu anu geus di jieun. jadi urang teh upami gaduh rangkay karangan atawa susunan carita na, lamun urang di payun deg-degan teh moal hilap deui naon nu kedah di caritakeun da atos kasusun sagalana. Dina nepikeun pangalaman, sorana kedah bedar tur bentes sarta basa, lentong jeung wirahma merenah. janten urang ngadeg di payun teh sanes cicing ngaguluyung nyarita teu aya titik koma, tapi perhatoskeun deui kana kaayaan nu aya didinya.
Didieu abdi ngagaduhan conto pangalaman anu ku abdi kaalaman tangtuna. Pek baca sugan wae aya manfaatna.
------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Wasta : Nur Fatimah
Nyaritakeun Pangalaman
PUSDIKLATSAR Irma Nurul Ikhsan
Abdi
bade nyarikeun pangalaman abdi basa nuju PUSDIKLATSAR dina extrakulikuler Irma
Nurul Ikhsan. Kieu caritana,
Abdi
di SMAN 2 Ciamis ngiringan ektrakulikuler Irma Nurul Ikhsan. Teu lami semester
hiji bade rengse, aya acara PUSDIKLATSAR kanggo Irma. Anu pusdik teh sanes Irma
hungkul, tapi paskibra sereng PMR oge ngiringan. Anu ngiringan Pusdik Irma ngan
saalitan ukur aya 10 urang panginten eta mah. Tapi sanajan kitu abdi sareng
rerencangan tetep ikhlas sumanget dina ngajalankeunana.
Dikawitan
acrana teh tabuh 02.00-an. Tah upacara heula, saatos upacara teras kana
lomba-lomba kitu. Mani hoyong seuri eta lomba LCT (Lomba Cepat Tepat), aduh eta
mah cape we ku lulumpatan paheula-heula kapayun, pelebah pas kenging patarosan
molohok hilap deui naon jawabana. Kelompok abdi ngan ukur ngajawab sabaraha
patarosan. Teras teh aya lomba pidato sareng murotal. Deg-degan we eta mah pas
nuju lomba murotal da rewas.
Teras
we maen game, naon cik game na? geura dipiwarang ngicalan lilin ku pun raka
teh. Pangawis na Rp. 500,00 bari deui kedah nyanyandak endog atah, saurna teh
eta amanat kangge urang kedah di jaga ulah peupes. Wah eta lulumpatan bari
palaur peupes endogna, milarian jalmi anu bade ngagaleh lilin untung we aya.
Ari atos teh seserian we etamah sareng rerencangan.
Teras
aya balap niup balon tos kitu urang kedah lumpat dugi ka tungtung. Lumpat na ge
sanes lumpat biasa, si balon teh kedah diselapkeun kana sampeankeun. Haha mapah
teh atuh mani asa guyat geyot.
Tah
pas tiwengina resep ngadangukeun ceramah, teras teh nonton film wedding dress.
Eta mah anu nangis-nangis, anu nundutan-nundutan. Kalah oge teu puguh raraosan
da tunduh bari rame nonton. Tos kitu, abdi sareng rerencangan dipiwarang mondok.
Duka tabuh sabara, diugahkeun
saurang-saurang. Teras dipiwarang di sapatu eta mah mani rusuh dugi ka kaos
kaki abdi ti uih, untung poek ieuh. Teras dipeunpen, ah adbi mah sanajan
dipeunpen ge biasa we da kalingali yeuh ti handap kacamata jalan na oge. “Hahaha”
abdi teh dicandak ku pun raka ka aula handap. Didinya di cariosan saurna kanggo
naon saalitan kieu jaba extra keagamaan maenya saalit. Wahk didinya teh riweh
we.
Pas nuju didinya abdi di toel, surna
kedah nuturkeun pun raka. Teras kedah mapah nuturkeun lilin. Di pos ka 1, abdi
di piwarang tamas ku cai anu pinuh kekembangan sareng ngarot cai herang jeung
cai susu. Teras teh nuluykeun ka pos 2. Abdi teh deg-degan reuwas, sien tapi
abdi yakin ah aya pun raka ieuh. Abdi mapah ka kelas XI. Didinya aya pos 2 abdi
di piwarang maoskeun syahadat dua. Teras ka pengkeurna. Abdi sien didinya. Ari
pas mengkol kasampak didinya nu bodas jujurigan panginten. Ihk tungkul we bari
mapah. Teras aya sora “hihihihi” abdi mapah beuki gancang. Batur mah ting
jarerit didinya teh.
Di pos 3, dipiwarang milarian jenengana
sorangan. Ari abdi teu terang kedah milarian dimana, kalah nyusruk we ka kebon
gera. Jaba didinya teh aya nu bodas jurig. Hoyong seuri na si nur, eta ka si
jurig naros. Saur abdi teh “teteh atanapi aang, milarian jenengana dimana?” ehk
kalah diwaler “hmmmm” nyingsienan panginteun. Ehk hera katingali we ti kebon
teh eta jenengana aya dina kertas mamanukan. Teras mapah deui, eta pas mengkol
deui abdi bade nubruk jurigna. Ih sien, abdi teh lumpat we.
Di pos nu ka 4, abdi dipiwarang ngetrok
panto tilu kali teras lebet ka eta kelas. Pang sien siena didinya da poek jaba
di kelas. Didinya kasampak payunen mayit di tutupan ku samping. Kacaritakeun
eta mayit tadina katabrak teras nyuhunkeun doana ku maos fatihah tilu kali. Tos
teu kuat hoyong kaluar eta mah da sieun pisan. Teras we kaluar, aduh mani sien.
Ti dinya, abdi teras pendak deui sareng
pun raka. Apesna di peunpen deui tapi kacapanon na di buka, atuh teu katingali.
“haha” jaba sense di tuyun ieu mah, tapi nadangukeun sora keprok. Mani asa
julungjang jolongjong mapah na ge. Teras di ka kelaskeun panginten. Saur na teh
ulah ngosongkeun pikiran. Dimana ieu dimana, da di peunpen keneh.
Tos sadayana aya di kelas, teras di
buka peunpenana. Brai caraang, didinya urang dipasih motipasi di emutkeun deui
ka kolot urang. Narangis didinya teh sadayana. Tos kitu teras netepan subuh.
Acara di tutup atos rengse. Dina acara panutupan diumumkeun juara lomba-lomba,
kelompok abdi juara ka 2. Hoyong seuri mah abdi kenging juara terkalem.
Rerencangan pada sirik da manehna jadi juara tercengeng, tercerewet. Hahah
kalah hoyong seuri.
Sakitu wae carita ti abdi, mudah mudahan aya
manfaatna.